Kanker Beuheung Rahim
![](http://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/2/27/Illu_female_pelvis.jpg/200px-Illu_female_pelvis.jpg)
Kanker Beuheung Rahim atawa Kanker Serviks mangrupa jenis kanker anu panglobana kapanggih dina awéwé di Indonésia (di antara jenis kanker séjénna) sarta loba ngabalukarkeun pati alatan telat kapnggihna jeing diubaranana.[1] Human papillomavirus (HPV) mangrupa panyabab paling umum dina kanker sérviks.[2] Ayana HPV dina ampir kabéh kanker serviks ngagambarkeun sacara teu langsung wawakil pangluhurna di sakumna dunya anu dilaporkeun jadi panyabab utama tina kanker manusa.[3]
Jenis Serviks
[édit | édit sumber]Dina serviks aya 2 jenis sél nyaéta sél skuamos sarta glandular atawa sél endoserviks.[1] Dina kanker serviks, sél-sél boga léngkah sacara teu normal terus ngagedéanr sarta nyieun bénjolan atawa tumor.[1] Biasana sél-sél gangas kasebut asalna ti squamo columnar juntion.[1] Panyabab panglobana ti kanker beuheung rahim nyaéta 99 % ti HPV (human papilloma virus) anu disebarkeun liwat laku-lampah séks anu teu bener.[1]
Tanda-tanda Kanker Beuheung Rahim
[édit | édit sumber]Kanker beuheung pianakan dina stadium mimiti teu némbongkeun tanda-tanda anu has, komo bisa tampa aya tanda.[1] Dina stadium nu saterusna mindeng méré tanda-tanda: pendarahan post coitus, keputihan abnormal, perdarahan sanggeus haid eureun (menopause) sarta kaluar cairan teu normal (kakonéng-konéngan, bau sarta kacampur getih).[1]
Faktor
[édit | édit sumber]Nepi ka ayeuna panyabab pasti kanker beuheung rahim ieu can dipikanyaho sacara pasti.[1] Tapi, panyabab pikeun anu kakeunaan kanker beuheung rahim nyaéta: hubungan séksual dina umur nu ngora sarta mindeng ganti-ganti pasangan; mindeng ngalaman inféksi kelamin; ngalahirkeun loba anak; kabiasaan ngudud.[1]
Pencegahan Kanker Beuheung Rahim
[édit | édit sumber]Pikeun ngurangan kanker serviks diperlukeun usaha pencegahan-pencegahan saperti:
- Pencegahan primér, nyaéta usaha pikeun ngurangan atawa ngaleungitkeun kontak kalayan karsinogen pikeun nyegah inisiasi sarta promosi dina prosés karsinogen.
- Pencegahan sekunder, kaasup skrining sarta detéksi dini pikeun manggihan perkara-perkara dini ku kituna kamungkinan pangubarab bisa dironjatkeun.
- Pencegahan tertier, mangrupa pengobatan pikeun nyegah komplikasi klinik sarta pati mimiti. Salah sahiji cara deteksi dini kanker beuheung rahim nyaéta ku cara pamariksaan Pap Smear.
Rujukan
[édit | édit sumber]![]() |
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |