Download as docx, pdf, or txt
Download as docx, pdf, or txt
You are on page 1of 21

PAMAYANG

(Karya : Rachmat M. Sas. Karana)

Bulan imut
ngangkleung di langit
budak ulin di buruan
Angin darat
muru ka laut
pamayang nyolendang korang
Parahu leutik
laju nyiriwik
nganteur usaha di sagara
Warna perak
‘na beungeut ombak
beuteung lauk tingborelak
Nu jadi harepan
pikeun kahirupan
laut lega paparin Pangeran

LAGU HIRUP
(Karya : Eddy D. Iskandar, 1992)

Unggal poe unggal lengkah


nataan tanggal dina kalender
angger aya nu diarep-arep
ari umur melesat henteu kajeueung

Dina beja dina carita


teu weleh aya nu miheulaan
warna-warni kajadian. Teu kapireng
da puguh katalimbeng rusiah

Dina sakeclak cimata. Aya kasedih


nu teu kedal. Dina kongkolak
kahirupan. Aya nu miang
teu mulang deui
PANGBALIKAN
(Karya : Wahyu Wibisana, Ciawang)

Iuh, iuh gunung kuring


angin ulin dina embun-embunan
sawaktu-waktu kuring kudu nepungan
dumeh hirup halabhab cinta
di maranehna nya ayana

Aya sababna kuring tibelat


aya sababna kuring pegat
tapi nu ahir lain kaabadian
kakasih dina hate ngawih deui

Iuh, iuh gunung kuring


nyata, nyata tanda-tanda
ngabalungbung jalan hirup
nepi ka nyawa rek asup
ka maranehna kuring rek balik
ka maranehna kuring rek pamit

CINGCIRIPIT

Ngariung di pakalangan
waspada ngantelkeun curuk
curuk inggis kacapit
kacapit ku dampal leungeun
dampal leungeun dikeupeulkeun
“jék-jék nong”
nu kacapit tunggu lawang

SILIH TULUNGAN

Nyiruan dina pancuran


titeuleum méh baé paéh
Titiran nenjo Nyiruan
kanyaah mapaés haté.

Geuwat metik dangdaunan


diragragkeun kana cai
ngarayap éta Nyiruan
teu tulus nemahan pati.

Titiran ku paninggaran
diintip-intip dipanah
Nyiruan mulang tarima
nyeureud bitis paninggaran.

Paninggaran ngagurubug
teu tulus manah Titiran
geus lésot kabéh bangbaluh
lantaran silih tulungan.

21. Maneh sorangan

Poe Pangbalesan
Wayahna
Maneh nyiksa
Tong ceurik
Najan males

Budak sorangan
Sakumaha jangji
Maranehanna jalir
Sakumaha sumpah
Nu teu kalampah

Kop tah!
Maneh kudu maturan
Maneh sorangan
Nu kudu mere babales
Salaku Indung awal

22. Cikalna Dunya

Hayang apal maneh saha?!


Tanya indung dunya!
Maneh teh saenyana

Tina kajadian
Kumaha kajadianna?
Indung dunya
Sok ngurilingkeun maneh
Kukuiran sorangan
Teu eureun-eureun
Gara-gara ditubruk

Babaturanna
Sari-sari Indung Dunya
Kalaluar
Nu matak maneh aya

23. Nu Kakalayangan

Saurna Indung Dunya,


Geura ulin, geura ulin
Utun

Sok geura ibur


Ngarah maneh boga batur
Milu kukurilingan
jeung maneh

Bebas,
Bubudakeun,
Beuki kakalayangan
Resep ka mana-mana
Neang nu teu paruguh
Ngarah boga batur

24. Ngatur Rijki

He.. Angin
Papancen hirup andika
Sebar sumebar rijki
Ti Hyang Rahman
Keur sakum-sakumna
Nu harirup

He.. Angin
Sok ari hayang kakalangan mah
Bari berekeun
Baturan Mega
Ti kulon ka wetan
Ti kidul ka kaler
Jug geura nindak!

25. Angin Timur

Engke mah kami


Bakal ganti rupa
Tina nu sok ngalayang
Jadi nu laleumpang

Dina mangsa
Geus marengkeun kami
Anggoan raksukan hideung
Ngacaukeun dunya
Nu dipikanyaho kiwari

Kami bakal ngajurit


Neangan perlaya
Ka kaom nu ingkar
Tina kayakinan kami
26. Cahya Carek

Putra kadua
Pareng saenggeus Angin
Purah nyumput
Sakali kaluar

Pikasieuneun
Pasea wae jeung Pertiwi
Turunan Cahya Palita
Sok hayang wae balik
Saenggeus jebul

27. Nyawa Mahluk

Lir ibarat walungan


Lir ibarat cahaya
Lir ibarat bumi
Lir ibarat cai
Diparengkeun jodo
Jeung Indung Hirup
Jadi nyawa
Sakabeh banda

Aya wae Hirup Sakeudeung


Ngan sakedet netra
Teu kasampak ku manon
Teu kacekel ku salira
Matak reuwas
Nu boga ceuli
Matak raheut ka Pertiwi

28. Ngampar

Saban-saban angin
Kakalayangan
Indung Dunya
Kagungan putra deui
Beda jeung nu cikalna

Bakal jadi batur pasea angin


Resep pisan ngajedog
Cicing teu hejo tihang
Teu kawas lanceukna

Resep ulin
Ieu mah mumul
Resep keneh ngampar
Ngalindungi Indung Dunya
29. Gurat Batu

Panceg
Teteg
Peugeuh
Hayang Matuh
Ka nu jadi indung

Kuat
Moal gampang robah
Nepi ka beulah salira
Panincakan Kahuripan

Luhur dunya
Tempat lumangsung
Gumantungna turunanna
Putra Pertiwi
Putra Langit
Putra Pinilih

Makmurkeun Pertiwi
Tempat babarna
Sang Pohaci bumi
Gumantungna Kahuripan
Alam dunya

30. Leumpang Awan

Sakuat-kuatna nu hirup
Moal tangtu bakal cicing
Saumur hirupna
Indung Dunya purah kukuiran
Nunutur Dewi Sarangenge

Nunutur Angin
Saeutak-eutik
Lir leumpangna awan
Nu matak nyilakakeun
Oge nu mawa sakur nu hirup
Ka handapeun langit biru
Nu lian

Indung Dunya Nyumput


Geus waktuna
Pareng ayeuna Sang Indung
Teu di panghareupna
Waktuna ngarojong

Ka nu jadi anak
Mere parab ka nu di laluhur
Bari nungguan
Indung Hirup
Ngeclak

31. Batu Mulya

Anugrah ti Pertiwi
Barabay herang
Taya tandingna
Manik-manik alam
Ngageulis bumi
Ngadangdan dunya

Kadigjayaan
Paagul-agul
Pahade-hade
Kabengbat kahayang
Hayang jago
Sangkan ditempo

Ku balarea
Jadi mumusuhan
Jeung batur sorangan
Demi cita-cita
Kabeh diparat

Mawa Mangpaat
Hyang Rahman
Resep nu mangpaat
Kanjeng nabi
resep ka nu mangpaat

Leuwih hade
Mun bisa mawa mangpaat
Keur nu lian
Kahyangan
Jadi pangbalikan

32. Keclak Cihujan

Angin mapay-mapay dunya


Mamawa Mega hideung
Tina Mega hideung

Lahir
Indung Hirup
Opat puluh poe
Opat puluh peuting
Indung Hirup
Mapay-mapay dunya
Maparinkeun kahuripan
Pikeun Dewi Pertiwi
Ngagugulung Dunya

Cai..
Cai..
Cai..
Meleber ka mana-mana
Ngakeukeup dunya
Jol nu harejo pada lahir
Tujuh puluh bagean

Dikeukeupan
Antukna Dewi Pertiwi
Kagungan deui putra
Putra nu mawa hawa
Kahuripan

33. Hirup Saluyu

Kacipta dina mangsa


Hyang Rahman
Keur mesem manis
Kami kacipta
pikeun jadi
asal nu harirup

Ku cara sakeclak cai


Ka mana-mana
Kami hayu
Cicing di mana wae

Meunang
Ngan kudu ati-ati
Ka Indung Dunya

34. Ati

Babanyo Beresih Ati


Dina diri kami
Kacipta cai suci
Cai suci keur bebersih
Bebersih diri

Tina sagala nu ledok


Ledok lahir
Ledok batin
Ledok manah
Supaya maraneh
Bisa sujud muji

35. Asalna Rijki

Hyang Rahman marengkeun


Hujan turun ka bumi
Bumi nu panas tengange
Nereptep Dewi Sarangenge
Kumbuh jaradi
Nimat Dewata

Awalna rijki
Leubeut daun katingali
Harejo
Pikeun mahluk ngala rijki
Burujul hawa
Pikeun kakuatan lahir

36. Bumi Endah

Manon kana pamandangan


Nineung ati
Nineung sawarga
Cinta
Tengtrem
Tiis ceuli

Herang mata
Mesemna Hyang Rahman
Di Tatar Parahyangan
Singgasana Rahyang suci
Di palataran Wisnu
Ngantunkeun jenengna

37. Benteng Alam

Narantung jangkung
Sigep mohal ingkah
Najan Indung Hirup
Ngabaya ka Dewi Pertiwi
Mere pangiuhan
Tina tepna Dewi Sarangenge

38. 1000 Sayap

Nurut ka Rumuhun
Nyaah ka nu someah
Ting haliber
Indung peuting
Mawa beja
Ka sakumna umat
Meberkeun jangjang
Kakalayangan di langit
Dina malem mulya

Rewu pahala
Ngagawean panitah
Ti Hyang Rahman
Tina jangjangna
Sawarga sumebar

39. Dua Malak

Kami mah aya


Di unggal taktak
Kami mah ningali
Kami mah nyakseni
Kami mah nguping
Kami mah nunutur

Ka mana wae anjeun?


Kumaha wae anjeun?
Nanaonan wae anjeun?
Mere naon anjeun?
Ngomong naon wae anjeun?
Eling teu anjeun?

Pok Hayang Naon?


Gusti Hyang Keresa
Hoyong teu maot
Di angkasa
Gusti Hyang Keresa
Hoyong teu katingali

Ku jalmi-jalmi
Gusti Hyang Keresa
Hoyong hiji turunan Al Jan
Jadi Ratu di hiji langit
Gusti Hyang Keresa

Hatur nuhun
Sadaya puji kagungan
Gusti

40. Bumi Perang

Bumi nu makmur
Bumi nu subur
Dalapan karajaan
Silih perang
Silih kaniaya

Generasi awal nu kupur


Nganiaya generasi lian
Ijajil mingpin juritan

Prajurit langit ngabinasakeun


Sakabeh bangsa kupur
Ijajil tuluy takabur
Nampik parentah Allah

41. Paturay jeung Sawarga

Sanes abdi alim sujud


Mung nurutkeun hate
Nurani salira nu nampik
Sadaya-daya kagungan Gusti

Kalebet diri abdi


Abdi mah teu wantun
Bedegong ka Gusti

Joledar ka Gusti
Cinta abdi leuwih ti anjeunna
Sababaraha rewu abdi ngabdi

Naha bet disilih ku nu lian


Upami cinta abdi jadi papait
Abdi mah bade ngantunkeun
Cinta Gusti salamina

42. Pamingpin Anyar

Geus barinasa
Umat-umat kupur
Dewi Pertiwi sujud ka Gusti
Hoyong pamingpin
Ti golongan kami

Anu langkung kasep


Anu langkung geulis
Anu langkung iman
Najan pondok yuswa

Turunan sawarga sawareh


Pikeun mingpin umat
Dugi ka ahir jaman
43. Bungsu Sajodo

Kami ciptakeun keur maneh


Gaganti keur nu tiheula
Ku Kami dibere pangaweruh

Banda-banda alam
Ku Kami dibere cinta kasih
Pikeun nurunkeun turunan
Pok geura cicing

Di Tatar Eden
Pok geura solawat
Ku Kami dijodokeun
Pok hirup didieu
Hirup sauyunan

44. Musuh Salawasna

Kaburu ku napsu
Kabengbat panggoda
Kapikat manisna pangajak
Hasad ka nu jadi manusa
Teu rido kana takdir

Jangji dugi pati


Nunutur anak Adam
Nyalindung ka nu Maha Agung
Ti musuh nu saenyana
Tina tipu daya
Kana amisna dosa

45. 5000 Taun

Cinta,
Kanyaah,
Pasea,
Paadu-adu,
Silih ala pati,
Silih babantu,

Roda kahirupan tutuluyan muir


Manusa mah tetep manusa
Lain nu sampurna

46. Papasangan Alam

Dua mahluk sajodo


Tina dua pasipatan
Mamanisna hirup
Papaitna jaman

Geus Kadarna
Ti Hyang Widi
Sajodo tina dua
Pasipatan nu bareda
Kacipta kakuatan taya tanding

Ajeg moal lebur


Kasaimbangan nu pinasti
Keur jembar hate
Keur ubar manah

47. Ngalap Kasih

Duh Gusti Pangeran abdi


Abdi dolim ka diri
Gusti Pangeran abdi
Tulungan abdi
Dina pangumbaraan

Milari anu dipiasih


Paparin abdi pituduh
Cinta saendah layung
Keudeung nanging karasa

48. Cinta Salawasna

Hate ihlas bijaksana


Silih nembongkeun pangarti
Panas jeung tiisna
Panceg jeung pangarti

Moal ka nu lian
Mun ka anjeun salawasna
Sanajan teu kacumpon

Sanajan pajauh
Nanjeur salamina dina ati
Mo kaganti mo kasilih
Dina sajak sajak alam
Ku kuring ditepikeun

Kanggo nu manis
Sami-sami sipit
Sami-sami koneng
49. Kasidah

Pami abdi janten langit


Anjeun janten bumi
Pami anjeun kapanasan
Ku abdi dipasih iuhan
Pami anjeun kapanasan

Ku abdi dipasih mega


Pami anjeun kagaringan
Ku abdi dipasih hujan
Pami bidadari kacipta di bumi

Anjeun kalebet salah sahijina


Pami bidadari kacipta di langit
Mun anjeun tandinganna ti bumi

50. Pertiwi

Paturay jeung Sawarga


Na bet kurang kumaha
Kami welas asih

Ka aranjeun
Na bet anjeun jalir kana jangji
Joledar tina piwarang Kami
Sok am buah-buah sawarga

Iwal ti hiji
Bet naha anjeun teu tumut
Geura turun siah
Maraneh mo sakali-kali
Ngambeu tatar kahyangan
Maraneh bakal silih ala pati

Diantara turunan maneh


Maraneh bakal ngarasa kasusah
Salila cicing di Pertiwi

51. Pikeun kamakmuran

Kami dicipta
Ngalangkungan Rahmat
Diselapkeun sababaraha rijki
Pikeun Putra
Putra Langit Putra Pertiwi
Jeung Putra ti Indung Dunya
Siki-siki kahirupan
Dibawa ku kami
Pikeun kamakmuran
Nu bakal jadi pamingpin
Nu ngokolakeun kami sadaya

Sajak "Do'a pikeun indung"

Indung..
Basa abdi keur bungah atawa ngarasa sedih, anjeun terus aya sareng abdi..
Basa abdi keur ngarasa kasusahan anjeun oge terus aya sareng abdi..
Nanging, abdi kadang osok midamel anjeun sedih ku sabab kalakuan abdi..
Hampurakeun abdi indung..

Indung..
Sabot anjeun masihan nasehat abdi kalah sering ngabantah..
Sabot anjeun masihan parentah abdi malah osok sering ngalawan..
Nanging, sagala tingkah laku abdi anjeun tiasa ngahampurakeun nana..
Hampurakeun abdi indung.

Indung..
Anjeun nyaeta sosok paling bageur nu aya dina hirup abdi..
Anjeun oge sapertos pahlawan pikeun abdi..
Abdi ucapkeun hatur nuhun tina sagala-galana kanggo anjeun..
Sabab anjeun nyaeta surya anu terus nyinar keun cahyana pikeun abdi di dunya
ieu.

Ya allah pangeran abdi..


Pasihankeun kasehatan jeung umur panjang pikeun indung abdi..
Pasihan balesan anu sa alus-alusna sakumaha anjeuna masihan pikanyaah nu
agung ka abdi.
Jaga oge anjeuna dugi abdi tiasa ngabahagia keun nana. Amin ya rabbal
alamin..!

Sajak "Jaga indung dugi maut nyabut nyawa"

Dinten jeng dinten abdi ngajalankeun hirup sareng anjeun na..


Kiwari wanci atos muter sapertos roda anu teu aya eureuna..
Ti alit abdi sok di pangku ku anjeuna dibelai ku panangan na..
Sanajan aral sarta cocobi silih ngaganti, anjeuna teu pernah ngeluh..

Indung, ayena parobahan anjeun tos mulai katingali..


Buuk anjeun tiheula hideung ayena tos mulai bodas..
Ayena anjeun tos mulai lemah sairing jalanna wartos..
Nanging anjeun teteup tiasa seuri endah..
Seuri ditengah keluh kesahna kisah anjeun ka abdi..

Oh.. Indung..
Hatur nuhun pikeun ka ikhlasan anjeun..
Kaikhlasan pikeun ngadidik sarta ngagede keun abdi satulus hate..
Anjeun nyaeta pahlawan dina hirup abdi..
Abdi janji bakal ngajagaan anjeun dugi maut nyabut nyawa ieu.

Sajak "Indung, hampura abdi tina sagala kalepatan"

Napas demi napas anjeun terus ngadoakeun abdi..


Nyieun abdi tiasa kajaga jeung ngarasa bagja nepi ayena..

Indung nu ku abdi di pikanyaah..


Mugi-mugi gusti allah nangtayungan anjeun salamina..

Indung..
Hampurakeun abdi tina sagala kalepatan, kasalahan, kaangkuhan, kakurangan..
Abdi ucapkeun hatur nuhun pisan kanggo indung kuring..

Sajak “Kemuliaan indung"

Dina poe isuk ieu anjeun hudangkeun abdi dina isuk anu endah..
Nu endah ngelehkeun cahya panon poe dina pesona endahna diri anjeun.

Anjeun masihan kabagjaan liwat lantunan doa-doa anjeun..


Anu ngajadikeun sadaya dinten hirup abdi jadi endah..

Indung, anjeun nyaeta pahlawan dina hirup ieu..


Anu rela naruhkeun nyawa kanggo abdi..
Anjeun nyaeta permata nu aya dina hirup abdi..
Anjen bakal abdi jaga saumur hirup abdi..

Gusti nu agung. .
Kabulkeun doa abdi anu lemah ieu pikeun indung abdi..
Abdi hoyong ngabahagiakeun indung abdi..
Ngabahagiakeun di jalan anu halal, ridho sarta pangestu gusti..
Abdi hoyong anjeuna dipikanyaah ku gusti allah..
Sepertos indung abdi anu ngajaga abdi ti orok dugi ka gede ayena.
Duh Indung

karya: Lutfiyah Sani Kelas XII Bahasa

Estu kadeudeuh seseg manceg

Ngagulawir di pipir parigi

Tuwuh sepuh nembrakeun iyuh

Ting harewos niiskeun hawatos

Duh Indung,

Kacida welasna meuntas leuweung nu hieum

Bela sora peura kangge putra mantenna

Sagara pangampurana ngabentang mentrang

Lir cimata ibun isuk di ubun daun

Duh Indung,

Majar abdi bakti pangarti

Saestuna can ngahontal bukti kaharti

Salira, nyumponan kahayang teu balitungan

Lir cihujan ngarumpuyuk tutuwuhan

Teu menta bungbuahan

Duh indung,

Taya nu lian iwal ridona

Dijugjug nasujud unggalpeuting

INDUNG JEUNG ANAK


Anak :
Ema naon eusi langit
jeung di mana tungtung langit
katut béntang nu baranang
Indung :
Teu jauh ti dada ema
eusina napas jeung getih
béntang teu jauh ti Ujang
Anak :
Ema saha nu boga langit
jeung béntang anu baranang
saha nu boga bulan
katut beurang jeung peuting
Indung :
Kapan sagala nu Ujang
paéh hirup anu Ujang
Gusti Alloh nu nangtukeun.
KANYAAH INDUNG
Lunta ka tungtung Cipandan,
dugi kana babantarna,
cintana indung ka anak,
sesah milari pantaranana.
Ngalanglang tungtung Cipandak,
lepas ningal sagarana,
melangna indung ka anak,
langkung ti ka salirana.

Teks Sungkeman Sedih Perpisahan


Sekolah
Ka dulur-dulur anu sami rawuh,
baraya anu sami lenggah,
sim kuring sateuacan ngiring jabung kumalaku, lumampah cumarita seja wakca
balaka,
wiréh simkuring sanés pujangga
anu ahli ngaréka basa,
sanés sastrawan anu ahli dina ngaraéh caritaan. Kumargi kitu paralun maklum anu
kasuhun,
hampura anu diteda, boh bilih dina ngadadar ieu acara kirang nyorang kana
kakedahannana.
Ka para ahli ngukir sya’ir,
pujangga ahli sastra mugia ulah haru ulah ganggu, sawios sim kuring neda widi
paralun maklum sakedapan hoyong dikoréksi, diropéa, ogé dioméan manawi tiasa
nyampurnakeun kana curat-corét sim kuring.

Bismillahirrohmanirrohim.
Kalayan nyebat Asma Pangéran, Dzat anu Mahawelas tur Mahaasih. Seja kaula
ngawitan mituturan para siswa anu kiwari bade nagntunkeun ie sakola

Mangga ka para siswa, geura lumampah nyaketan kana panggung


Kasép, Geulis.

bapak ibu nu saestu


ieu abdi siswa siswi ibu sareng bapak seja nyanggakeun sungkem pangbaktos tawisna
hormat tilawat ka ibu miwah ka bapak.
mugi kersa nampi ieu abdi nu ageung karuamosan
rumaos seueur kalepatan salami nampi atikan
karaos kanyaah guru, dina waktos ngawulang elmu panemu
ti bapa miwah ti ibu

bapa,........ibu................,
dinten ieu abdi sumanggem
dipayuneun bapa sareng ibu
mung seg manah tiasa di buka
nyaksian lambey nyarios,
asa sesah abdi ngantunkeun
asa sesah kanggo ngalengkah
abot kusono, abot kunyaahna
abot ku kadeueuh, netesken,katresna,
ngatik ... ngadidik,,tanwangen sanes kanten
bapa, ibu,abdi sadaya ngaraos yakin
kaheman bapa kalih ibu wening ku asih
sareng keubeuk ku kanyaah, anu taya higgana

bapa, ibu.............
abdi hampura,
tikawit kelas hiji digi ka ayeuna lulus
ges pasti seueur ngarepotkenun k bapa
loba pisan ngeselkeun ka ibu
mereun handeueul manah bapa,
boa hanjelu manah ibu
ku abdi sadayana ka tampi
kiwari abdi pasrah pa, abdi rido bu
abdi ikhlas diomelan ayeuna,
abdi rela di cacapak poe ie
kajengkel, kageuleuh,
ka keuheul bapa jeng ibu heg tibakeun ka abdi
nyanggakeun sadaya-daya, abdi pasrah….
hampura pa,hampura bu, hampura ka sadayana
Cuma ini yang bisa kami lakukan bapak
Cuma segini kemampuan kami ibu
Kami ingin yang terbaik
Tapi kami tak panday berbuat banyak
Hari ini saya memohon, saat ini kami meminta
Peluk kami pak, peluk kami bu
Do’akan kami bapak, do’akan kami ibu
Wilujeng paturay bapak, wilujeng kantun ibu

ya allah.....pangeran abdi sadaya


mung du’a ti bapa kalih ibu
hirup kumbuh di dunya sing rawuh walatra
amin ...ya ..allah ya...roball alahin

anaking murid bapak jeung ibu


katampi sungkem hormat hidep kasep, geulis
tong melang tong salempang
sadaya lepat hidep tos lubar cupar dihampura
ku ibu miwah kubapak

jung nangtung kamanggung


mugia apanjang apunjung
geura teuleuman elmu panemu
sing kapanggih mutiara bagja
ngajul bentang lain kuasiwung
tapi ku elmu anu linuhung

kiwari nitih wanci nu mustari,


ayeuna datang mangsana
geus tamat lalakon hidep
nyiar elmu di ie sakola

bral, geura miang kasep, geulis

mugi laksana sagala cita-cita………….

Conto Naskah Sungkem Siswa ka Guru

Siswa :
Ibu/Bapa . . . Jasa ibu/bapa samudayana, lir jaladri tanpa tepi, lir gunung tanpa
tutugan, matri dina sanubari, mancuh dina lelembutan,piwuruk miwah atikan
kasuhun katampi pisan. Bapa . . . genep taun sadayana sasarengan, tinangtos
seueur kaleupatan sinareng kaluluputan, samemeh abdi sadayana lunta, abdi neda
dihapunten tina galih nu wening, tina manah anu setra taya geuneu melekmek
estuning clik putih clak herang.Bapa . . . dinten ieu abdi pamit, mungkas
mangsana atikan, pidua anu diteda gesan lunta nyiar luang, atikan anu langkung
jembar.Pileuleuyan bapa, Ibu guru anu heman, pileuleuyan-pileuleuyan paturay
patepang deui.

Guru :
Anaking . . . kalayan clak putih clak herang, caang bulan opat belas,najan teu
penta tong salempang tong hariawng, bapa ngahampura pisan. Anaking . . . samet
dieu bapa jajap, poma ulah leutik hate, palias bapa lain teu melang ngan doa bapa
tetep marengan hidep sadaya. Bral anaking geura tandang, cruk-cruk elmu nu
luhung nyiar luang keur patandang, elmu nu luhung kasakti diri, hirup hurip
muga mulus, pait daging pahang tulang. Ngan mihape ceuli jeung mata,jaga diri,
kulawarga jeung lembaga.Bral geura papag poe nu bakal datang, ulah beueus ku
diteuteup, ulah keueung ku disorang, pancegkeun hate jeung kaimanan.
Pileuleuyan anaking pileuleuyan . . . bral hidep geura miang, geura tandang
makalangan pikeun nyungsi pangarti nu leuwih.

You might also like