Download as pdf or txt
Download as pdf or txt
You are on page 1of 10

1. Dina laporan hasil wawancara wangun narasi umumna make basa ...

a. Loma d. Kasar
b. Hormat e. Biasa
c. Loma jeung hormat

2. Kagiatan wawancara umumna diwangun ku opat bagian, iwal...


a. Eusi
b. Daftar pustaka
c. Judul
d. Bubuka
e. Panutup

3. Poko tina wawancara nyaeta ...dina tahap ieu nu ngawawancara jeung narasumber silih
pairan jeung mere tanggapan, nanya jeung ngajawab.
a. Ngawaler d. Eusi
b. Bubuka e. Panutup
c. Judul

4. Pikeun nulis laporan dina wangun dialog (tanya jawab), pananya anu lengkep kudu ngandung
unsur ...
a. Tatahar
b. Tatakrama
c. Basa
d. 5W + 1H
e. Bubuka
5. Mata angin dina basa sunda, iwal ...
a. Kaler d. Kulon
b. Wetan e. Kidul
c. Weton

6. Unsur-unsur carita babad , iwal...


a. Tema d.Setting
b. Amanat e. Panutup
c. Tokoh

7. “Ari boga dahareun téh, Jang, béré batur!”Pasipatan jalma saperti babasan dina kalimah di
luhur nyaéta ...
a. amis budi
b. héjo tihang
c. beurat birit
d. buntut kasiran
e.hampang leungeun

8. Lawang dina pager kampung atawa pager kebon disebut...


a. Dipa d. Gapura
b. Doraka e. Dora
c. Kaba

9. Panjalu aya diwewengkon ...


a. Pangandaran
b. Ciamis
c. Garut
d. Sumedang
e. Bandung

10. Perenahna dina ahir carita minangka panutup atawa pamungkas cairta nyaeta ...
a. Manggalasastra
b. Alofon
c. Eusi
d. Guru wilangan
e. Kolofon
11. Cultural Translation nyaeta ...
a. Narjamahkeun ma’na tapi nyaluyukeun jeung kabudayaan sasaran
b. Tajamahan bebas
c. Mindahkeun basa make alat
d. Ngawangun eusi tarjamahan
e. Narjamahkeun tiap kecap ku harti nu sarua

12. pinuh rasa jeung rumasa, lamun ditarjemahkeun kana basa indonesia ...
a. penuh rasa dan perasaan
b. penuh rasa dan pengampunan
c. penuh perasaan dan pengampunan
d. penuh rasa dan rasa
e. penuh rasa haru

13. Dongeng anu nyaritakeun paripolahna sato sarta sato barisa ngomong kawas jalma disebutna
dongeng ...
a. Legenda d. Fabel
b. Mite e. Sasakala
c. Sage
14. Dihandap ieu conto dongeng fabel, iwal ...
d. Kuya jeung monyet
e. Sakadang peucang
f. Situ bagendit
g. Peucang keuna ku leugeut
h. Sasakala batok kuya

15. Mangsa siki pare geus mimiti culcel baruahan nyaeta ...
a. Usum celetu
b. Usum beuneur hejo
c. Usum tandur
d. Usum rampak
e. Usum panen
16. Ngasakan sarupaning kadaharan kucara digodog dina cai ngagolak nyaeta ...
a. Ngulub d. Mubuy
b. Nyeupan e. Nyangrai
c. Ngaliwet

17. Sing getol nginum jajamu,


nu guna nguatkeun urat.
Sing getol néangan élmu,
nu guna dunya ahérat.

Eusi sisindiran di luhur mangrupa...


a. Sésébréd
b. Piwuruk
c. Silih asih
d. Kanyaah
e. Heureuy

18. Carita pantun mah dipirig ku pakakas seni nyaeta ...


a. calung
b. degung
c. kacapi
d. angklung
e. gamelan

19. Baca sempalan novel di handap!


Prasasti nu Ngancik dina Ati
(Popon Saadah)
Basa kuring keur ngaderes “Bumi jeung Manusa” di rohang tamu, teu kanyahoan
asupna, nyaho-nyaho Prasasti geus ngajentul diuk hareupeun.
“Éta téh buku énggal?” tanya manéhna.
“Yup!”
“Iraha mésérna? Teu wartos-wartos!”
“Pamasihan”
“Pamasihan saha?”
Teu dijawab.
“Ooh pamasihan tamu nu kamari ka dieu téa?”
Manéhna ku kuring ukur dirérét.
“Naha bet masihan cenah? Boa-boa ada udang di balik buku!”
Kuring cicing. Tuluy pédah ku kuring diantep meureun, diukna pindah ka gigireun.
“Naha teu nyarios ka Pras atuh, Rin peryogi buku nu kitu. Teu burung dipangmésérkeun.”
Manéhna mencrong kénéh.
“Da Rin mah teu nyuhunkeun ka Fauzan ogé. Manéhna ujug-ujug masihan,” kapaksa kuring
némbalan. Gandéng ku tetelepékna.
“Mani perhatian pisan nya Si Manéhna téh geuning!” cenah deui.
“Ya... gitu déh,” ngajawab téh asal engab.
“Sering masihan bukuna?”
“Mun manéhna sering masihan, badé kumaha? Mun manéhna langka masihan, badé
kumaha?” Bari panon mah anteng kana bacaan.
“Ati-ati. Ulah asal nampa kitu waé!”
Téma dina sempalan novel di luhur nyaéta ....
a. kanyaah
b. timburu
c. perhatian
d. di rohang tamu
e. maca buku

20. Dina hiji drama, tokoh Si Kabayan boga watek hade, boga tugas merjoangkeun
rahayat leutik tur kacida bumela ka mitoha. Dumasar watekna eta Si Kabayan
digolongkeun kana tokoh ...
a. utama
b. antagonis
c. piguran
d. Protagonis
e. Tritagonis
21. adat kabiasaan atawa tali paranti anu turun temurun ti karuhun anu masih
dilaksanakeun dina pakumbuhan masarakat, disebut ...
a. tradisi
b. budaya
c. etika
d. folkor
e. tata krama
22. wangun dina tulisan bahasan aya ...
a. 2
b. 3
c. 4
d. 5
e. 6
23. anu teu kaasup kana wangun dina tulisan bahasan, nyaeta ...
a. eksplorasi
b. deskripsi
c. eksposisi
d. argumentasi
e. narasi
24. eusi dina teks bahasan bagian pamuka, nyaeta ...
a. minangka bubuka atawa panganter tulisan
b. minangka inti bahasan
c. minangka pungkasan tulisan bahasan
d. minangka medar hiji objek
e. minangka ngagambarkeun hiji objek
25. anu teu kaasup kana lengkah-lengkah nulis bahasan, nyaeta ...
a. neangan ide
b. nangtukeun tema
c. teu ngagunakaeun basa
d. nyusun rangka tulisan
e. nangtukeun judul
26. kumaha cara nulis judul nu hade teh?
a. disusun ku sakecap
b. judul jeung jejer teu saluyu
c. matak teu daekeun maca
d. ngahudang kapanasaran
e. nangtukeun judul
27. kumaha struktur dina teks bahasan ?
a. manggala sastra, eusi , alofan
b. rajah, narasi, deskripsi, dialog, monolog
c. pamuka, eusi, panutup
d. alofon, eusi, kolofon
e. orientasi, eusi, klimaks
28. 1. neangan ide
2. nyusun rangka tulisan
3. nangtukeun tema
4. nangtukeun judul
5. basa nu digunakeun
pek susun lengkah-lengkah nulis bahasan, nyaeta ...
a. 3-1-4-2-5
b. 1-3-2-4-5
c. 4-1-5-3-2
d. 5-4-3-2-1
e. 2-5-1-4-1
29. bahasan atawa pedaran teh tulisan nu medar hiji pasualan, dumasar kana ...
a. fakta-fakta nu kapanggih
b. gosip-gosip nu aya dina sawatara lembur
c. isu nu kapanggih ku batur
d. cumarios warga sakitar
e. data anu aya dina media buku
30. carita nu sok dilakonkeun dina pagelaran carita wayang disebut ...
a. wawacan
b. dongeng
c. carita wayang
d. carita pantun
e. sisindiran
31. carita wayang teh umumna nyebar ngaliwatan pagelaran wayang
a. kulit
b. golek
c. prabu
d. purwa
e. potehi
32. asupna epik Ramayana jeung Mahabarata ka urang teh bareng jeung nyebarna ... di
indonesia
a. rempah-rempah
b. agama
c. perdagangan
d. kapas
e. kain sutra
33. tokoh tokoh wayang nu teu kaasup kana punakawan, nyaeta ...
a. semar
b. dawala
c. bima
d. cepot
e. gareng
34. tokoh wayang anu kaasup kana pandawa lima nyaeta ...
a. gareng
b. dawala
c. cepot
d. nakula
e. semar
35. aspek seni naon wae nu kudu dipiboga mun jadi dalang teh, iwal ...
a. kawih
b. tari
c. gambar
d. sastra
e. drama
36. wayang anu mimiti diayakeun di pulo jawa, nyaeta ...
a. wayang suluh
b. wayang gedong
c. wayang purwa
d. wayang beber
e. wayang purwa
37. wayang tina kulit nyaritakeun lalakon ayeuna ngenaan sajarah indonesia jeung pikeun
panyuluhan, tokohna jalma kaayeunaan, nyaeta ...
a. wayang suluh
b. wayang gedong
c. wayang krucil
d. wayang purwa
e. wayang beber
38. kumaha eusi carita wayang Ramayana ...
a. nyaritakeun rama anu kawin jeung sinta
b. nyaritakeun rama anu kawin jeung ayodya
c. nyaritakeun turunan raja barata anu kalibet perang sadulur
d. nyaritakeun cepot nu pasea jeung dawala
e. nyaritakeun lahirna nakula jeung sadewa
39. suluk atawa siloka bubuka pagelaran anu dikawihkeun ku dalang dina ngamimitian
caritana, nyaeta ...
a. murwa
b. kakawen
c. janturan
d. nyandra
e. antawacana
40. tarawangsa mah pangesetna lain tina kenur, tapi tina ...
a. sabut kalapa
b. injuk
c. daun
d. awi
e. kai

Baca guguritan ieu di handap pikeun ngajawab soal nomer 41 jeung 42!
Pupuh Pucung
Tada teuing sepuh-sepuh nu kapungkur
Anu geus ngalaman
Kalémbak ku banjir gedé
Putus nyawa lantaran gunung rakata

41. Kecap kalémbak dina guguritan di luhur ngandung harti ….


a. Neumbrag ombak
b. Kasapu ku ombak
c. Kakécrétan ombak
d. Palaur ku ombak
e. Kabaseuhan ku ombak

42. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh di luhur téh nya éta ….
a. 12u, 8a, 8é, 12a
b. 12a, 8a, 8a, 12a
c. 12u, 6a, 8é, 12a
d. 12u, 6a, 6é, 12a
e. 12a, 8a, 8u, 12a

Baca guguritan ieu di handap pikeun ngajawab soal nomer 43 jeung 44!

Pupuh Lambang
Nawu kubang sisi tegal
Nyiar bogo meunang kadal
Atuh teu payu dijual
Rék didahar da teu halal

43. Kecap kubang dina guguritan di luhur ngandung harti ….


a. Kumelendang di alam dunya
b. Kumelendang di alam gaib
c. Taneuh anu dekok loba caian, biasana loba laukan
d. Sisi laut anu loba laukan
e. Anak laut gabus anu aya di sisi laut

44. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh di luhur téh nya éta ….
a. 8a, 9a, 7a, 8a
b. 8a, 8a, 8i, 8u
c. 9a, 9a, 9a, 9a
d. 9u, 9u, 9u, 9u
e. 8a, 8a, 8a, 8a
45. Laporan anu hadé téh miboga sababaraha ciri. Ieu di handap anu teu kaasup kana
ciri-ciri laporan anu hade, nya éta ….
a. Eusina objéktif
b. Basana teu kudu merenah
c. Data jeung faktana bener
d. Kalimahna singget, padet, jeung écés
e. Disusun kalayan sistematis

II Jawab secara singkat dan sesuai dengan pertanyaan soal !

1. Sebutkeun unsur-unsur dina dongeng?


2. Bagean-bagean surat diantarana?
3. Tuliskeun struktur wawancara ?
4. Sebutkeun tilu tahap dina ngalaksanakeun wawancara?
5. jieun salah sahiji sisindiran!

You might also like