Lompat ke isi

19 Maret

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Versi yang bisa dicetak tidak lagi didukung dan mungkin memiliki kesalahan tampilan. Tolong perbarui markah penjelajah Anda dan gunakan fungsi cetak penjelajah yang baku.
1 2
3 4 5 6 7 8 9
10 11 12 13 14 15 16
17 18 19 20 21 22 23
24 25 26 27 28 29 30
31  

19 Maret nyaéta poé ka-78 dina sataun (ka-79 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 287 poé.

Kajadian

  • 1279 – Kameunangan Mongolia dina Perang Yaman mungkas Dinasti Song di Tionghoa.
  • 1687 – Pangjalajah Robert Cavelier de La Salle, nu keur néangan sungut Leuwi Mississippi, ditelasan ku anak buahna sorangan.
  • 1748 – Inggris medalkeun Akta Naturalisasi, méré hak keur urang Yahudi pikeun nyicingan Amérika Kalér.
  • 1861Perang Taranaki Kahiji lekasan di Selandia Anyar.
  • 1863 – Kapal Laut SS Georgiana, nu cenah mangrupa kapal pangjalajah Konfederasi pangkuatna, dikelebuhkeun ku kapal perang Union nalika munggaran balayar katut babawaanna sarupaning amunisi, obat-obatan jeung barang dagangan nu hargana mun diitung leuwih ti $1,000,000 (mangsa harita).
  • 1895 – Auguste jeung Louis Lumière nyieun rekaman vidiona nu munggaran maké cinematograph nu ku maranéhna karak dipaténkeun.
  • 1921Perang Kamerdékaan Irlandia: Salah sahiji patelak pangrohakana dina perang éta lumangsung di Crossbarry, County Cork. Kurang leuwih 100 urang sukarélawan Irish Republican Army (IRA) kalabur tina paningkeran ti 1.300 urang pasukan Inggris.
  • 1932Jambatan Palabuan Sydney dibuka.
  • 1943Frank Nitti, Boss Organisasi Kriminal Chicago sahandapeun Al Capone, maéhan manéh di Jalan Rél Statsiun Chicago.
  • 1944Perang Dunia II: Tentara Jérman ngadiukan Hongaria.
  • 1945 – Perang Dunia II: Di saleupas basisir Jepang, hiji pasawat Jepang nubrukkeun manéh kana kapal induk USS Franklin, nelasan 724 kru-na. Sanajan rusak parah, kapal éta bisa mulang deui ka AS ku sésa kakuatanna.
  • 1945 – Perang Dunia II: Adolf Hitler ngedalkeun "Nero Decree", maréntahkeun sakabéh industri, instalasi militer, patokoan, fasilitas transportasi jeung komunikasi di Jérman pikeun diancurkeun.
  • 1962Bob Dylan medalkeun albeum kahijina, Bob Dylan, pikeun Columbia Records.
  • 1962Perang Kamerdékaan Aljazair réngsé.
  • 1965 – Ruruntuk kapal SS Georgiana, katimu ku palika rumaja jeung pamandu arkéolog laut, E. Lee Spence, meneran pisan 102 taun ti saprak diancurkeunna.
  • 1995Nike Ardila tilar dunya sabada nandangan kacilakaan mobil di Jalan R.E. Martadinata di Bandung.
  • 1989 – Bandera Mesir dikibarkeun di Taba, di ujung Teluk Aqoba, nandaan réngséna pangdiukan Israél ti saprak Perang Genep Poé 1967 jeung Perjangjian Daméy Mesir-Israél 1979.
  • 1998 – Pasawat Maskapai Afghanistan Ariana, Boeing 727 murag nalika ngadeukeutan Bandara Internasional Kabul, nelasan 45 jalma sajeroeunna.
  • 2003 – Serangan udara koalisi AS jeung Inggris nandaan dimimitianna invasi ka Irak, sanajan teu didukung ku PBB jeung meunang panghulag ti opini dunia.
  • 2004 – Présidén Taiwan Chen Shui Bian aya nu némbak pas méméh pisan pamilu nagara éta dina tanggal 20 Maret-na.
  • 2008GRB 080319B: Hiji beledugan kosmik nu mangrupa objek pangjauhna nu bisa katempo ku panon, sakolepat kasawang.
  • 2011Perang Sodara Lybia: Sabada pasukan Muammar Gaddafi gagal ngarebut Benghazi, Angkatan Udara Perancis mesatkeun Operasi Harmattan, ngamimitian ilibiungna militer luar di Lybia.
  • 2013 – Sarangkéyan pangeboman jeung panémbakan di sakuliah Irak ngabalukarkeun saheunteuna 98 jalma maraot sarta 240 lianna taratu.
  • 2016 – Pasawat Flydubai 981 murag dina usahana rék ngadarat di Bandara Internasional Rostov-on-Don, nelasan 62 jalma sajeroeunna.
  • 2016 – Bom  di Alun-Alun Taksim di Istambul, Turki, nelasan lima urang sarta nyideraan 36 lianna.
  • 2018Badak bulé kalér jalu nu pamungkas di Sudan, paéh, mastikeun kamungkinan punahna spésiés éta.

Nu babar

Nu pupus

Poé peré /poé panginget-nginget

Tumbu luar

https://en.wikipedia.org/wiki/March_19

https://www.onthisday.com/events/march/19